"Terimakasih Atas Kunjungannya, Semoga Anda Banyak Rezeki, Banyak Anak, Dan Masuk Surga. SALAM CINTA"

Nyi Aisya

Carpon KI DASAM SYAMSUDIN



Angin ngahiliwir niupan dadaunan nu tinggarantung dina tangkalna. Bulan nu nyumput di jero mega hideung geus kaluar, megarkeun cahyana nyaangan dunya. Di harep masjid bari nginggali tangkal kalapa nu oyag-oyagan ditiup angin, kuring diuk. Diuk asa kakalayangan di awang-awang, mikiran hiji wanoja nu kungsi ngusik manah kuring salami iyeu. Dina hiji poe, kuring pernah miken serat ka hiji santriawati. Nyi Aisya ngarana. Dina eta serat kuring ngutarakeun isi hate. Yen, kuring resep ka Aisya. Dumasar tumbuhna iyeu rasa karesep, lantaran agama jeung akhlakna. Nanging, dugi kaayeuna kuring can nampi serat balesan ti Aisya. Padahal eta serat dikintuna opat bulan katukang.

Kuring asup ka pasantren bareng jeung Aisya. Mimitana mah, kuring jeung Aisya jiga ucing jeung anjing. Tara akur. Tiap pinanggih teh ngan pasea jeung pasea. Cenah saur Aisya, “Maenya santri jiga kitu? Mun di pangaosan, ngan ukur pindah sare. Kajaba anggoan tara diseseh. Atuh mandi-mandi, silaing teh!...” harita ucapna bari nutupkeun kitab Jam’ul Jawami’, tuluy ngaleos mulang ka asramana. Kuring ngaku kasolehan Aisya. Tapi rada kehel, lain rada kehel deui ketang. Kehel pisan kusikapna, rurumasaan asa jadi santri nu pang benerna.

“Kumaha kuring weh... rek sare, rek tara mandi ge. Naon urusanana? Tibatan ente... geulis-geulis kecut wae kasantriawan. Marukan urang resep meureun, kasantri jiga kitu? So, solehah!” bales kuring ka Aisya. Harita basa papasean saba’da ngaji Jam’ul Jawami’. Nguping ucapan kuring nu kasar, Aisya pipina cirambayan cai panon.

Ti kajadian poe eta. Aisya geus tara loba basa deui ka kuring. Tara moyok jeung tara nyarekan deui. Tapi aneh, ayeuna kuring malah hayang dipoyok jeung dicarekan teu pupuguh ku Aisya. Kuring asa kaduhung pisan ngucap omongan kasar ka anjeuna. Tapi, lamun kuring teu kitu. Aisya pasti bakal judes katutuluyan. Aneh. Naha kuring bet rindu diomongan ku Aisya, sanajan omongana peres ka hate. Apa kuring bogoh? Pikir kuring di jero hate, basa harita. Samemeh ngirim serat.

Dina hiji mangsa. Basa aya parlombaan pidato santri anyar. Aisya meunang hatur ti Sie Tabligh, jadi qori’ah-na. Kuring teu nyangka Aisya genah maca al-Quran. Loba santriawan nu hatena tinggeleter nguping bacaan Quran Aisya. Duka ngageter sabab raos ngaosna, duka ngageter ku jalmina. Pami kuring mah, ngaggeter manah teh, kuduanana. Ku teu nyangka anjeuna tiasa maca al-Quran tur tiasaan ngahayatina. Jeung teu nyangka, ditilik-tilik Aisya pami nuju maca al-Quran asa jadi geulis pisan. Raraina bodas cahayaan. Aura imana asa kalaluar tina dirina. Aneh, ayeuna mah, nu ngaran Aisya teh asa bener-bener katinggali istri nu solehah, bageur, jeung geulis. Geulis luar jerona. “Duh, gusti. Kuring sasambatan ayeuna ka Gusti. Nyuhunkeun hapunten tina kalepatan salami iyeu. Aisya teh geuningan istri anu geulis luar jerona. Gusti, hapunten abdi tulungan. Abdi jiganamah bogoh ka Aisya.” Gerentes hate kuring, basa ningali Aisya maca al-Quran. Bener. Kembang buruan teh tos katingali di payunen soca. Kuring bogoh ka Aisya.

Angin masih hihiliwiran, ngoyag-ngoyag tangkal kalapa. Bulan leungit deui, nyumput di jero mega hideung. Teu karasa geus jama dua belas peuting. Kuring ngorenjat hudang tina lamunan. Isukan poe Jum’at, pasantren libur. Kuring rek ngawanikeun diri, maksakeun ngageterkeun lisan, nyarios ka Aisya. Saenyana kuring cinta. Geus opat bulan kuring nungguan serat balesan, can aya kabar wae. Tapi ceuk nyi Ii Karlina mah, cenah Nyi Aisya ge kungsi resep ka kuring, malah sok nananyakeun wae. Enjing libur, jeung biasana santriawati sok nyareuseuh di walungan Cimanuk, sumawona Nyi Aisya. Mun kieu mah simkuring rek gewat sare, supados tiasa ningali bentang pasantren ngagusrek nyeuseuh raksukana Tapi maksad nu utami mah, rek nyarios, yen kuring teh cinta ka Nyi Aisya. “I love you, Aisya.”

***

Gulidagna cai Cimanuk nu koneng kasorot panon poe buburinyaian mental-mentalkeun cahyana kadangdaunan nu oyag-oyagan katiup angin. Manuk Piit nu nyengcle dina pangpang jati ting karoceak ngajerit-jerit. Di sisi walungan nu iyuh katutupan tatangkalan nu dauna leubeut jeung loba batu nu baradag nyelegon legok nanceb ka jero taneh sisi walungan. Biasana didinya santriawati sok nyareuseuh. Walungan Cimanuk masih sepi, can katinggali aya jalmi nu nyoo cai. Kuring nangkring dina luhur pangpang tangkal jati gigiren cukang kai, bari nempelkeun leungeun ka tarang kawas jalmna nu hormat, nutupan tina sorot panon poe nu serab. Mencrongkeun pangningali ti Kidul ka Kaler mapay panjang walungan milarian Nyi Aisya jeung rombongan nyeuseuhna, sugan geus aya di sisi walungan keur nyareuseuh. Poe biki panas, tapi panon teu ningali Nyi Aisya. Lila-lila nangkring wae teh pegel. Akhirna kuring diuk dina pangpang jati, baris ngantosan wanoja nu salami iyeu dipepeling dina manah, kapikiran dina akal.

“Nyi... enggal” kuring rewas ngadangu sora istri ngagero ‘Nyi....’. ‘Nyi, sahanya?’ gerentes hate kuring. ‘Boa- boa Nyi Aisya’. Kuring langsung ngorenjat hudang, nangtung ninggali jalan satapak nu nyambung kacukang. Bener wae, Aisya keur lempang mapay-mapay jalan satapak nu rada laleueur, gagalemboyan mawa seseheun, pangtukangna.

“Imas, antosan atuh!” Nyi Aisya ngagero

“Nya, enggal! Ii, bantosan atuh si Nyai, karunya”. Nyi Imas miwarang nyi Ii Karlina.

“Muhun, teh.” nyi Ii ngawaler. “Nyai kadieukeun raksukana, wios abdi weh nu nyandak” carios nyi Ii bari ngasongkeun panangana ngarawel raksukan Nyi Aisya.

“Wios, nyi. Teu kedah, abdi ge kiat, ngan jalana leueur wungkul, iyeu teh. Janten sesah mapahna” waler Aisya rada panjang.

“Nya, kede atuh mapahna bilih geubis” ceuk nyi Ii. Nembe ge nyarios mikakade ka Aisya. GEDEBLUG!!! “Aduhhh!!!” Nyi Ii labuh nangkarak bengkang tisoledat nijek jalan nu leueur.

“Tah, tuang, nyi Ii!!!” gerentes manah kuring mupuas ningali nyi Ii labuh. Bongan baheula kuring dibejakeun teu ngaji ku nyi Ii ka Pengersa, nu jadi kuring dicarekan bebeakan.

“Nyi, teu kunanaon?” saur Aisya bari ngarawel panangan nyi Ii kalayan ngahudangkeun.

“Nyi Imas, bantosan atuh, nyi Ii, karunya, pang candakankeun raksukana!” gumero Nyi Aisya.

“Muhun” waler nyi Imas.

“I, matakna ari leumpang teh pake panon, tong make tuur” Ucap nyi Imas rada jengkel.

“Atuh da teu apal, Imas. Pan abdi teh nuju ngalieuk katukang mikakade ka Nyi Aisya, eh... kadon abdi nu geubis” tembal nyi Ii. “nuhun atuh, tos ngabarantosan” sambung nyi Ii.

Kuring masih nangkring dina pangpang jati ngingali Nyi Aisya, nyi Ii jeung nyi Imas nu geus nuluykeun mapahna.

“Tuh! cukang Cimanuk tos katingali. Bade nyeuseuh di handapeun cukang atanapi di pentas walungan?” Tanya nyi Ii bari ngalereskeun acuk nu bobolokot jeung kusut. Sabab geubis.

“Ah, teu langkung bade dimana ge?” waler nyi Imas.

“Di pentas walungan weh, raos, ariuh” sambung Nyi Aisya.

“Hayu, atuh!” waler nyi Ii jeung nyi Imas.

“Al-hamdulillah, teu di handapeun cukang” ucap kuring bari laun. Mun handapeun cukang, tangtu kuring bakal ka panggih. Margi ieu tangkal jati gigireun cukang pisan.

Basa Nyi Aisya jeung rencangna ngaliwat cukang, kuring nyumput ka pangpang jati nu badag supados teu katinggal. Nyi Imas geus tiheula nyukang, pami Nyi Aisya jeung nyi Ii ditarukang bari silih tungtun, jiganamah sieuneun labuh.

“Nyi Ii, enggal!” gorowok nyi Imas di pentas walungan, geus nepi.

“Muhun” saur nyi Ii. “nyeuseuhna handapaeun tangkal jati nu ageng supados iyuh!” sambung Nyi Aisya.

“Muhun, putri...” waler nyi imas bari rada heureuy.

Nyi Aisya jeung rencangna tos dugi ka tempat nyeuseuh. Aranjeuna tinggalucrek nyeuseuh anggoanana. “Aih, Aisya, kacida geulisna diri enjeun, awak lumampay, irung mancung, bodas nyacas, ngajina pinteur... duh Gusti, nun pangeran abdi. Abdi tulungan... pasihkeun nyi Aisya ka kang Syamsudin” gerentes hate kuring, bari ninggali Aisya nu kabaseuhan kucai Cimanuk. Tiungna kekelebetan ka tiup angin. Cai kesang ngeclak ti pangambungna nu bangir.

Nalika kuring keur noong khusu’ ka Nyi Aisya. Rarasaan aya sato nu tinggarayang tibitis ka pingping baris nepi kapalangkakan, jeung jiganamah bakal nepi ka ujang farji... ADUHHH!!!... AAAWWW!!! EMMMMAAA.... AISYA.. EH, EMMAAA!!!! Enya eta sato nepi ka “Si ujang farji mastaka alit???” nyoco pisan helmna. Kuring ngagorowok teu eling nyebut “Nyi Aisya”.

GEDEBLUG!!! “kuring labuh.

“Aya naon etanya? Aaduhan bari nyebat nami abdi” saur Nyi Aisya, rewas jeung bingung.

“Duka?” sambung nyi Imas oge bingung.

“Jiganamah sora jalmi nu geubis ti tangkal jati gigireun cukang walungan” saur nyi Ii.

“Muhun, hayu atuh urang teang” ceuk Nyi Aisya.

“Hayuuu!!!” waler Imas jeung Ii.

Blag- blig- blug sora Nyi Aisya jeung rencangna, lumpat mentas cukang. Simkuring teu pati paduli rek narahaon maranehanana lulumpatan. Nu penting, kuring rek maehan iye sato nu ngagarayang ka si ujang farji??? Karek ge simkuring ngodok calana.

“Kang Udinnnn??!!!.....” ucap Nyi Aisya, rewas. Jeung ngarewaskeun kuring.

“Ehhh, Ny...Nya...Nyai” simkuring era bari ngaluarkeun leunguen ti jero calana.

“Ehhh, Syamsudin... kunaon geubis?” Ucap nyi Ii, rada bingah ninggali kuring labuh.

“Noongnya??...” tambah nyi Imas, rada curiga.

“Hhhh....henttt... henteu” jawab kuring. Bari nyomot jeung miteskeun sireum rarangge nu kacomot ti jero calana, samemeh maranehna datang.

“Ah, bohong... naha bet aya didieu? Bari labuh ti tangkal jati?” tambah nyi Ii lewih ngadesek. “Ngaku atuh, kang” tambah Imas, naokidan Ii

“Hhhheennnntttteeuuu...” kuring jawab bari nahan nyeri, ti sirem nu masih nyoco ka si ujang farji.

“Naha kang ngawaler teh ni murinding kitu, nyeri nya?” ucap Aisya bari dongko mantuan kuring hudang.

“Ahhh, biasa aja, Nyi.....” jawab kuring. “AWWW!!!” nyoco dei siremna.

“Matak ge, Din. Ari resep ngomong... tong pake acara noong sagala” ucap nyi Imas. sinis. “Muhun. Teu kenging diungkeb di jero manah, tinggal ngomong, ‘NYI AISYA ABDI CINTA’” tambah Ii Karlina, ngaledek kuring. Kuring jeung Aisya silih tingali, tuluy tungkul.

“Nyi, nyarios naon, sih?” Ucap Aisya, bari tanggah saeutik ningali rarai kuring.

Nguping banyolan Ii jeung Imas. Kuring jadi isin. Jiganamah Aisya ge isinen. Pipina katinggali beureum. Biki nambah geulis bae.

“Hayu, I...! Urang nyeseuh dei” ajak Imas.

“Hayu!” jawab Ii.

Simkuring ditinggalkeun duaan jeung Nyi Aisya. Angin asa eren niupan tatangkalan. Cimanuk asa teu ngocor deui. Manuk Piit nu nyengcle dina pangpang jati asa jarempe, teu tingkaroceak. Sakapeng mah, asa aya pelangi nu melengkung di langit nambah kaendahan alam. Saharita mah, kuring jeung Aisya ngan pajempe-jempe. Sakapeung mah silih tingali. Aisya tungkul.

“Nyi, bilih bade nyeseuh mah, mangga!” ceuk kuring, bari ngado’a supados Nyi Aisya teu indit.

“Muhun atuh, ari kitu mah, abdi bade nyeseh deui” waler Nyi Aisya bari rek indit.

“Nyi...!!” gero kuring. Aisya ngaliek ka kuring.

“Kah...” waler Aisya

“ADDUHHH!!!” Sirem nyoco dei.

“Kang Udin, teu kunanaon?” Nyi Aisya rewas.

“Henteu...” waler kuring, bari ningali biwir ipisna nu beureum.

“Nyi...”

“Kah...” Aisya ngawaler bari menerkeun tiungna nu kekelebetan ka tiup angin.

“Teu kenging ninggalkeun kang Udin”

“Naha, teu kenging ninggalkeun?” tanya Aisya

“Margi... margi...Nyai nu tiasa ngubaran”

“Ngubaran naon, Kang?”

“Ngubaran... manah kang Udin nu pateh” jawab simkuring rada era.

“Emang, nu nyerina naon? Naha geubisna awak tapi nu di raosna manah?”

Kuring jempe, tuluy mere mesem nu pang amisna ka Aisya.

“Nyai Geulis”

Kuring malengkotkeun omongan. Aisya mesem. Kempotna nonggerak kacida alusna. Tiungna nyingkab deui ka tiup angin. Aisya ka Geer-an

“Kang Udin mah, waler heula nu tadi” Nyi Aisya cumarios rada isin jeung bingah.

“Oh... eta... nya kitu weh” heureuy saetik.

“Wios, pami moal di waler mah, abdi bade nyeuseuh” Nyi Aisya pundung.

“Nyi... “ simkuring nyarios bari ngarawel panangan Nyi Aisya.

“Ihhh.! Kang Udin mah” Aisya ngewatkeun leungeun kuring bari rada ambek bingah. “Kang...” sambungna

“Kulan...”

“Waler nu tadi. Naha bet manah kang Udin nyeri, jeung wungkul abdi nu tiasa ngubarana?” Nyi Aisya nanya panasaran.

“Leres, palai terang?” simkuring nanya.

“Leres” waler Aisya

“Bismillahirohmanirrohim... ehm” sing kuring baca basmallah jeung ngadehem. “Kieu, Nyi. Pan nyai ge terang, urang kapungkur mineng pasea. Tara akur. Malah, kang Udin kungsi henteu resep ka Nyai. Tapi, ti basa nyai tara nyarek deui teu pupuguh ka akang. Akan malah rindu dicariosan ku Nyai, bae moyok ge. Asal urang pasea weh. Akang kangen papaseaan. Nyai ge terang etamah.... Pan nyai tos maca serat akang. Yen akang teh sok emut wae ka Nyai. Janten...”

“Janten naon kang?” Nyi Aisya motong.

“Nya, jenten... janten manah kang Udin geuring”.. Waler kuring. Lieur neangan basa.

“Maksadna?...” Nyi Aisya nanya panasaran.

“Maksadna.... bismillahirrohmanirrohim. Kang Udin. Cinta ka Nyai” simkuring terus terang.

Teuing naon sababna. Mega jol ngarumpul jadi bersih ngabodasan. Langit jadi katinggali biru pisan. Manuk Piit tingkaroceak ngahaleangkeun tembang alam. Cai walungan gugulidagan nabrakan batu nu naranceb di walungan. Angin ngahiliwir tiis. Nyi Aisya tungkul, tiungna kekelebetan kabedol-bedol angin ti Kaler. Aisya gumeleter. Pipi bodasna ngabeureuman. Jeung, kuring ngadegdeg. Jantung asa rek murag. Teu percaya nyebat cinta ka Aisya. Aisya cumarios laun.

“Naha...?”

“Taqdir Allah” waler kuring bari mandang wajah Aisya nu bangir pangambungna. “Nyi... kersa teu, pami dijajap ku kang Udin?” kuring nanya.

“Dijajap kamana, Kang?” Aisya nanya.

“Dijajap ka tonggoh”waler kuring.

“Katonggoh? Caket teuing” waler Aisya bari ngareret kuring ku socana nu endah.

“Ka pasantren atuh”

“Alim ah, masih cakeut” waler Aisya

“Pami di jajapna dugi kajaga, kumaha?” kurang naros

“Dijajapna dugi kajaga?” Aisya heran.

“Muhun. Kersa teu?” kuring panasaran.

“Duka?... jiganamah teu tiasa” Aisya nolak.

“Teu tiasa?!” Kuring rewas. Nafas kuring eren, asa nyeklek. Macet di tikoro. Jantung gagalantungan asa rek pegat. Dada kekedutan asa rek meledug. Hate kempes asa rek leungit. Langit asa hideung poek mongkleng, katutup mega hideung. Asa aya guludug bebeledugan nyambeuran tatangkalan nunyareblok di sisi walungan. Gunung nu naranceb di Bumi asa rek ngarapung jiga kapas. Ti jero cai Cimanuk asa aya tali nu kaluar meulit jeung ngabetot kuring kajero cai. Naglelep-lelepkeun. Kuring teu percaya ditolak. Hate asa ancur bubuk jiga tipung. Aisya nolak.

“Nyai, mun iyeu kaputusan Nyai. Akang nampi. Ikhlas Lillahi ta’ala” kuring hayang ceurik.

“Kang...” Aisya, ngagero laun.

“Kulan...”

“Abdi teu tiasa nolak Akang”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...