"Terimakasih Atas Kunjungannya, Semoga Anda Banyak Rezeki, Banyak Anak, Dan Masuk Surga. SALAM CINTA"

Nasib Jalma Malarat

Carpon DASAM SYAMSUDIN


Dina hiji poe mang Sakin ngiyuhan di handapeun tangkal nangka nu aya di sisi jalan pakampungan. Ngiyuhan bari ngahihidan awak pake topina nuuskeun kesang bari ngitung duit tina hasil ngideur sapopoe ngajualan cilok. Ari mang Sakin teh salah sahiji jalma anu hirup teu boga, usaha dagang cilokna ngan saukur mahi keur dahar isuk sore, jeung sakapeung mah cilokna sok rada tara seep keur dahar sakali ge maraban sakabeh kulawargana teu kacumponan.

Uyuhan mang Sakin masih kuat nyakolakeun dua anakna tina hasil dagang cilok, nu hiji kelas 6 SD jeung hiji deui kelas tilu SMP, duanan lalaki. Maklum hirup geus kolot boga pamajikan ge ngan saukur bisa mantuan ngagugulung hasep dapur nu kapeng ngebul jeung sakapeung mah teu ngebul – ngebul acan.

Lila mang Sakin ngiyuhan dihandapeun tangkal nangka, terus hudang manggul gorobog cilokna maksad rek balik keur nyetorkeun duir ka pamajikana jeung mere jajan ka anak – anakna nu geus nunungguan. Teu lila mang Sakin nepi kahareup imahna nu reod, tuluy nyimpen gorobog dipipir imah.

“Assalamu’alaikum” mang Sakim ngucap salam bari ngusap kesang pake anduk leutik nu sok dibeulitkeun kabehengna. Karek ge mang Sakin muka panto, pamajikana langsung ngagabrug bari rembay cipanon.

“Abbaaahhh.... siujang bah”bi Minah ceurik

“Aya naon si ujang ni.... kunaon... kunaon siujang?” mang sakin nanya rewas bari panasaran.

“Si ujang geuring... awakna panas pisan” waler bi Minah bari masih ceurik.

“Masya Allah.... ujang” mang sakin rada ngagoak bari lumpat ka kamar sempit tempat anak bungsungna nu masih kelas genep SD ngagoler teu eling.

“Jang... jang.... iyeu bapak jang geus balik. Hudang atuh jang....” mang sakin ceurik bari ngahudangkeun anakna anu masih teu eling pingsan.

“jang.... Ujang.... gugah atuh kasep iyeu bapak tos uih. Enggal gugah kasep ke di pang meserkeun momobilan...” mang sakin ngahudangkeun anak bungsuna bari ngarakeutkeun leungeuna ngarangkeup anakna anu teu eling.

“Ti iraha iyeu... si ujang mulai geuringna ni... naha nepi ka parah kiyeu?” mang sakin nanya ka bi Minah bari ingsrek – ingsrekan ceurik.

“Ceunah mah ceuk babaturana ti sakola, basa manehna milu upacara si ujang ngageledak labuh pingsan”waler bi Minah bari ceurik. “kumaha atuh ki?” sambung bi Minah

“Kumaha atuh ni... abah ge bingung... dagang ayeun ngan mahi keur dahar wungkul” waler mang Sakin baro gagaro sirah rada bingung.

“Atuh urang candak ka Rumah Sakit weh bah...” ajak bi Minah

“Ka hayang namah kitu ni... ngan kumaha atuh duitna” mang Sakin bingung keneh. “kumaha pami abah nginjeum duit ka mang Oding juragan Jagong?” sambung mang Sakin.

“Duka atuh ki... kumaha aki weh nu penting iyeu si Ujang bisa cageur” waler bi Minah bari ngusapan sirah anakna.

“Nya ari kitumah antosan heula sakedap abah rek nginjeum duit heula ka mang Oding” ucap mang Sakin bari kaluar ti kamar. “ehh... ni ari si Aep kamana?” sambung mang Sakin bari nanya.

“Pan teu acan uih sakola da ayeuna bagian beurang” waler bi Minah

“Assalamu’alaikum” mang Sakin indit

“wa’alaikum salam” waler bi Minah

Gancangna carita mang Sakin indit ka bumina mang Oding juragan Jagong. Mang Oding emang kelebet jalma nu rada aya da kebon jaiongna ge lega pisan. Tapi sanajeun mang Oding sok nginjeum keun dui,t sok aya tungtungna, nyaeta sok menta duit kalayan bunga anu gede. Sanajan mang sakin apal rek datang kasaha, tapi mang Sakin tetep rek maksakeun nginjeum duit ka lentah darah anu ngenyotot getih dulur ti luhur ka handap.

“Assalamu’alaikum” ucap mang Sakin bari nangtung hareupun panto bumina mang oding anu megah.

“Wa’alaikum salam... eh Sakin. Aya naon Kin jiga nu dines” waler mang Oding bari rada ngagereum.

“Kieu gan... pan pun putra simkuring teh teu damang...” can ge mang Sakin angges ngomong geus dipotong ku mang Oding.

“Teu damang kunaon? Naha bet datang kadiyeu jiga ka Rumah Sakit wae” ucap mang Oding rada judes bari nyesep

“Nya maksad utaminamah bade nambut acis ka agan” ucap mang Sakin bari tungkul era

“Nginjeum duit kadiyeu... pan apal ayeuna teh usum peceklik urangge can melak jagong” jawab mang Oding mulai galak

“Muhun terang ayeuna usum peceklik. Tapi kan agan tos panen jagong” sambung mang Sakin ngadesek

“Emang mun geus panen rek naon? Jiga jagong aing ker maraban sia wae...” mang Oding ngadat teu pupuguh bari ngaluarkeun hasep ti biwirna nu kumisan kandel.

“Omat gan simabdi butuh pisan.... ayeuna si Ujang geus teu eling awakna panas pisan” mang Sakin ngomong bari nu rada rek ceurik.

“Kumaha atuh Kin... kie weh ayeun urang nginjeumkeun duit kamaneh 300.000 ngan ke balikeunna 500.000. duit urang ngan sakikieuna. Pedah we ka dulur urang daek nginjeumkeun ge”. Mang Oding cumarios jiga nu enya karunya ka dulur padahal ngarayu baris nipu keur ka bentet beuteungna wungkul.

“Wios gan kitu geu. Nu peunting mah anak simabdi damang” Mang Sakin teu loba omong, duit anu diasongkeun ku mang Oding di cokot bari teu mikir rek timana mayarna. Nu peuntingmah anakna cageur-begeur. Saenggeus mang Sakin meunang duit langsung ngaleos balik nu maksad rek mawa anakna ka rumah sakit nu pangdeukeutna.

Mang Sakin asup ka imahna teu keketrok heula langsung bus wae tuluy ngarangkul anakna. Bungsuna anu geuring panas diakod kumang Sakin bari rada lulumpatan kajaba teu make sendal-sendal acan. Bi Minah nuturkeun tukangeunana bari ngusapan ci panon anu ting barabay ku samping anu diikeutkeun ka sirahna. Mang Sakin leumpang ngakod anakna bari kesang ngucur saawak-awak. Rumah sakit anu di tuju ku mang Sakin rada jauh sakitar dua kilo. Tapi ngaran keur ngabeulaan anak sagala ge di lakonan sok sanajan awak pejet.

Kesang nu masih ngucur ti awak mang sakin ting kareclak diteras rumah sakit. Sukuna nu bobolokot ku lebu di lengkahkeun neangan kamar kosong sugan aya nu nyesakeneh. Puputeran mang sakin neangan kamar teu manggih wae nu akhirna eta anakna di golerkeun diteras rumah sakit ditilaman baju mang Sakin nu baseh ku kesang. Bi Minah ceurikna biki tarik ningali anakna ngagoler di rumas sakit.

Ningali dokter kaluar ti kamar pasien mang Sakin langsung lumpat ngabetot leungeun dokter nuduhkeun anakna nu ngagoler diteras. Ngomong i ka dokter bari rada maksa memetotot leungeun dokter supaya daek ngubaran anakna. Tapi, dasar jalmi teu boga, mang sakin ngan saukur dititah nungguan. Ceunah dokter rek rak ka kamar nu sejen heula.

Cipanon bi Minah can eureun ting barabay. Mang Sakain mondar-mandir bingung ninggali nasib putra bungsuna nu kacida celong jeung lungse awakna. Diusapan sirah anakna. Lila jeung lila mang sakin oge ceurik.

Doktor nu didadagoan can oge datang, anak mang Sakin can sadar-sadar, malah kondisinia beuki parah. Bi Minah nyusul ka kamar nu bieu di abusan dokter. Maksad rek neang dokter supaya anakna diperhatoskeun jeung diperiksa. Bari umal-umel teu paruguh da maklum jalma nu emosi jeung saredih. Bi Minah ngebetot leungeun dokter kaluar kamar supaya ninggali anakna. Akhirna ku rada kapaksa eta dokter nurut bae.

“bah ku naon? Ceurik teh ni tarik-tariki teuing isin ku batur!” saur bi Minah kaget kaluar tikamar.

“si ujang ni...siujang geus teu ambeukan deui...” mang Sakin ngajawab bari ingsreuk-ingsreukan reumbay cipanon.

Ngadenge anakna geus teu karasa ambeukanana bi Minah ngagowak ngagorwok ngajeurit maratan langit. Lumpat ngagabrug anakna. Nyiuman tarang anakna nu geus teu kiceup deui. Salaki pamajikan nu malarat ieu jiga jalma nu kaedanan ceurik teu aya eureuna teu percaya anakna bisa maot ku panyakit hareeng. Teu percaya anakna maot di teras rumah sakit nu teu kungsi di pariksa ku dokter.

Ninggali pasiena malaratna maot. Dokter ngan saukur rugap-ragap awak anakna mang Sakin. Tuluy nyarankeun sing sabar. Saenggeus eta ngaleos ceunah rek ngabejaan ka sopir ambulan.

“jang....jang... hudang. Hudang kasep ieu ema... jeung abah” bi minah ngoyageun anakna nu awakna geus moal usik deui. Cerik beuki tarik teu tahan ningali nasib anak bungsuna nu masih leutik euweuh di rumah sakit bari kaayanana asa dihinakeun ka dokter.

Geus sebeh ceurik jeung geus rada narima nasib. Geuwat anakna di rangkul bari masih ceurik di bawa kaimah. Mang sakin teu tahan narima nasib kudu ngakod anakna nu dipikanyaahna ayeuna geus teu bisa heureuy aakodan deui jeung eta pytrana. Bi minah leumpang nuturkeun bari ngusapan cipanon.

“dosa naon aing... nepi ka kieu nasib teh...?” bi minah teu percaya kana naon nu di tarima ti Pangeran. Mereun maklum keur emosi.

Geuning kitu ari nasib jalma malarat teh. Sanajan kacida butuhna kana pitulung batur. Tapi, lantaran sok ninggali kondisi ekonomi heula. Sok nu tadina rek nulungan geu geuning bailk deui?[]

1 komentar:

  1. sedih uy... kahade urang mah ulah pedit dan teu ngahargaan batur.. inget sakabeh urang teh dulur... kudu silih tulungan...

    BalasHapus

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...